Iber Anyar
21 Sep 2025 | 10:23
Nafsirkeun Deui Interprétasi
Geus lila maca "Critical Theory Since Plato" beunang nyarungsum Hazard Adams téh. Ngan aya sakolépat-kolépateun anu nyangkrung dina sirah, teu poho-poho teuing. Najan remeng-remeng, nalika dicék deui, geningan teu pati béda.
Iber Anyar
02 Jun 2025 | 17:00
Iber Nonoman: Nonoman, Maca, jeung Peradaban #Bagéan1
Mun urang niténan perkara peradaban bangsa-bangsa, baris atra yén nonoman téh éstu boga yasa nu pohara. Misalna, kawas dina peradaban nu kungsi lumangsung jaman Rosululloh SAW. Urang éstu teu bisa nyakompét daunkeun tarékah nu diwangun ku para nonoman.
Iber Anyar
02 Jun 2025 | 13:00
Rohangan ISTIFTA: Hukum Haji jeung Harta Ribawi
Aya jamaah haji nu mampu mayar biaya porsi wungkul, mung nalika rék ngalunasan kapaksa minjeum ka bank konvénsional ribawi, sabab teu boga duit tunéy . Naha dibaékeun? Naha hajina sah?
Iber Anyar
15 Mei 2025 | 12:00
Lenyepaneun: Harga Diri
Réa nu teu karasa ku sorangan, tapi batur leuwih wawuh, réa carita taya nu ngabantah, tapi leuwih réa caritana tambah atra hakékat diri nu sabenerna, éta sababna réa carita nu dibandungan ku ceuli, teu dibandungan ku haté, salian ku seuri konéng.
Iber Anyar
13 Mei 2025 | 17:00
Iber Nonoman: Maca (Fiksi), Perpus, jeung Leuitna Informasi
Dina rohangan Iber Nonoman majalah Iber Anyar édisi kamari geus kasubat-sabit soal maca jeung nyatet nu penting nataku keur entragan ngora. Asana balaréa ogé sapuk kana perkara éta mah. Ngan keur kuring—sakuringeun—mah aya hal séjén nu teu éléh penting ti maca jeung nyatet téh, nyaéta karesep kana maca fiksi jeung aksés urang kana bahan bacaeun: antarana liwat perpustakaan jeung samisalna.
Iber Anyar
12 Mei 2025 | 17:00
Pustaka Mangsa jeung Panaratasna di Persatuan Islam (PERSIS)
NGAHAJA rumpaka nyusun ieu tulisan téh minangka pangéling-ngléling, yén sual medalkeun pustaka mangsa (média massa) di sabudeureun Persatuan Islam mah kacida dalitna. Ogé kanggo ngalap sumanget sareng tuladeun ti para panaratas anu tos mukakeun lawang tur ngokolakeun sakur pustaka mangsa nu medal ti waktu ka waktu di Persatuan Islam (PERSIS).
Iber Anyar
10 Mei 2025 | 17:01
Guaran: Ngadumaniskeun Agama jeung Budaya #Bagéan2
Parandéné kitu, lain hartina umat Islam teu boga budaya jeung nolak kana budaya. Agama anu sipatna abadi teu milu robah ku alatan robahna jaman. Keur umat Islam agama jadi ageman pangonjoyna dina nyinghareupan kahirupan. Mémang dina budaya ogé aya sababaraha bagéan anu eusina mangrupa ugeran keur jadi pituduh dina nyinghareupan kahirupan.