Nafsirkeun Deui Interprétasi
Disclaimer: Ieu tulisan eusina mangrupa rékaman ngeunaan obrolan agama nu ketat. Obrolan anu geus meuntas tengah peuting. Upami salira kirang sehat, saéna liren maos ieu ti ayeuna. Neda agung cukup lumur, neda jembar panghaksami. Saur luhur, carék bahé, muga jembar hapuntenna. Clik putih, clak hérang.
Geus lila maca "Critical Theory Since Plato" beunang nyarungsum Hazard Adams téh. Ngan aya sakolépat-kolépateun anu nyangkrung dina sirah, teu poho-poho teuing. Najan remeng-remeng, nalika dicék deui, geningan teu pati béda.
Dina tulisan Plato, judulna "Ion" aya dua persona anu ngaranna Socrates jeung Ion. Duanana gé jelas "diwewelan" pikiran Plato. Cindekna, dina paguneman dua persona éta, nu jadi bahan pacogrégan téh urusan jelema anu nafsirkeun deui interpretasi. Dina alam éta sok disebur "Rapsodis".
Dina palebah dieu, Ion sok pirajeunan nafsirkeun puisi saurang panyajak ngaranna Homer. Socrates tumanya, nanaonan ari Ion, apanan saurang panyajak téh interpréter, tukang ngainterprétasi.
Anu dikotrétkeun ku panyajak jadi puisi téh mangrupakeun interprétasi tina kaéndahan alam raya atawa mangrupakeun 'Muse' (ilham ilahiah) anu kheuseus dibikeun keur para panyajak.
Socrates nanya deui, lamun anjeun macakeun tafsir anjeun ngeunaan puisi Homer, anjeun sok ngarasa aya di tempat-tempat anu dicaritakeun ku Homer teu? Ion ngajawab, "jelaz!". Kadang manéhna ceurik lamun macakeun nu piceurikeun, jeung sajabana. Ceuk Socrates, nya hartina anjeun téh saukur 'kainspirasi' ku Homer.
Kieu, Jang. Ceuk Socrates ka Ion, panyajak, tukang ramal, nepi ka Nabi nu suci tara ngucapkeun kecap-kecap anu istimewa tur kacida éndahna, ti jero dirina sorangan. Eta kabéh téh Pangeran anu ngandika. Pangéran ngagunakeun lisan aranjeunna jangeun ngomongang urang saréréa.
"...and therefore God takes away the minds of poets, and uses them as his ministers, as he also uses diviners and holy prophets, in order that we who hear them may know them to be speaking not of themselves who utter these priceless words in a state of unconsciousness, but that God himself is the speaker, and that through them he is adressing us."
-- Tafsir Al-Quran
Aya nu boga kamandang, ulah samanéa 'nafsirkeun' Al-Quran ku ra'yu/akal. Kamandang ieu sakaligus anu jadi ngagedurkeun diskusi tadi wanci tumoké, Ahad (21/9/2025) di Warungkawat.
Dina pikiran kuring waktu ngadéngé hal éta, jorojoy pananya. Naha ieu téh bener? Sabab, para ahli tafsir gé kapan maké ra'yu dina ngaloyog-loyogkeun hadits kana makna ayat. Kabéh ogé mibanda unsur subyéktifitasna.
Ku kuring dibawa kana téori Socratés di luhur. Keur naon Al-Quran ditafsirkeun, sanésna Al-Quran téh mangrupa 'interprétasi' tina Kalamullah.
Ceuk mazhab teologi As'ariyah: Kalamullah téh teu hurup, teu sora. Geuningan éta Al-Quran jadi hurup? Mun dibaca jadi sora. Hartina Al-Quran nu éta mah 'interpretasi' Kalamullah.
Saur Al-Bukhori, wahyu anu sumping ka nabi téh kalan-kalan nyarupakeun sora loncéng. Kumaha ngajanggélekkeun sora loncéng kana kalimah? Tangtu aya sistem kode anu bisa narjamahkeun hal éta, anu ngan saukur dipikaweruh ku Nabi Muhammad SAW, anu maneuh dina manahna.
Ayeuna Al-Quran téh ditafsirkeun deui. Tarékah éta téh hartina 'nafsirkeun deui interprétasi'. Meunang teu? Meunang kacida. Socratés ogé teu ngalarang Ion nafsirkeun puisi Homer. Tapi nandeskeun, yén tafsir téh lain 'sajatining wahyu'. Samalah Kanjeng Nabi gé mangdungakeun Ibnu Abbas sangkan dibéré nugraha mangrupakeun kamampuan ta'wil, maksudna ta'wil Al-Quran.
Kuring saluyu jeung kamandang Kang Dede dina diskusi, yén ayana kitab-kitab tafsir téh pikeun dadasar jeung pamariksaan ulang bisi ra'yu urang luncat tina jalur samistina. Sabab, kontéks nalika unggal ayat turun ka Kanjeng Nabi, tetep diperelukeun.
Tapi, lain hartina urang jalma samanéa teu meunang nafsirkeun, sahenteuna keur lenyepaneun soranganeun. Da urusan Kalamullah mah geningan urusan ma'nawi. Lamun urang maca Al-Quran terus maknana nyerep kana haté, éta apan tujuanana téh. Allah SWT ngomongan urang saréréa ngaliwatan para nabi anu mawa wahyu. Ceuk téori Socrates.
Aya nu boga kamandang, ulah samanéa 'nafsirkeun' Al-Quran ku ra'yu/akal. Cik pariksa deui kamandangna!
---
Catetan gawir,
Dian Nugraha Ramdani
tukang kopi keliling.
BACA JUGA:Iber Nonoman: Maca (Fiksi), Perpus, jeung Leuitna Informasi